SUPAYA DIPIKANYAAH MITOHA

Selasa, 27 Maret 2012


       Ieu tulisan dihususkeun  pikeun jalma-jalma anu masih keneh baroga mitoha.Tujuanana supaya urang tetep langgeng dipikaheman jeung dipiasih ku Mitoha salalawasna.Diantara palakiahna teh di handap ieu kasanggakeun :
1.Biasakeun upami kaparengkeun mitoha urang aya nganjang ka imah urang,omat urang ulah rek kumawani mapagkeun mitoha bari di katepel…margi bilih ngajadikeun mamala ka diri urang keneh.
2.Mitoha urang teh kolot urang-urang keneh, hartina ku urang wajib salawasna dipupusti di dama-dama,ulah kumawani boga niat dina hate hayang nyoba-nyoba ngababuk pundukna.
3.Anu disebut mitoha,geus tangtu jalma.Omat urang ulah rek nyoba-nyoba boga paniatan hayang   ngagelutkeun mitoha jeung maung lodaya,sanajan eta mitoha teh papada sarua bengisna jeung bengalna.
 4.Lamun dina mangsana usum lebaran,urang ulah rek boga paniatan hayang kapuji ku mitoha kucara mere kopeah anu aya bacaan “ AWAS ADA ANJING GALAK “
5.Umumna anu disebut mitoha teh umurna sok leuwih kolot batan diri urang.Kacida pisan teu hadena lamun hiji minantu hayang buru-buru ngubur mitoha, padahal eta si mitoha teh masih keneh boga napas jeung bisa kenehngarenghap.
6 Lamun anu disebut mitoha pamit rek mulang sabada nganjang ti imah urang, anu alus mah urang kudu wani ngajajapkeun bari dibekelan keur ongkos mulangna.Omat ulah arek nyoba-nyoba kumawani ngeprokan atawa nyurakan komo bari jeung dibaledogan mah estu kudu dipahing pisan,bisi  bae eta kalakuan urang teh kaasupkeun kana jalma anu gede doraka ka kolot.
7 Ieu pituduh teh bakal karasa pisan mangpaatna pikeun urang, lamun bae ngaregepkeunana henteu bari  jeung  teuteuleuman di jero sumur.

NELEPUN TI JERO SUMUR



Sahédi
:
“Halo…? Ieu sareng Jang Birin ?”
Birin
:
“Leres…! Ieu sareng saha ?”
Sahédi
:
“Akang ti Ci'unjat, Kang Sahédi ?”
Birin
:
“Kumaha Kang ? Geuning ngerebek sora Telepuna ogé, teu pati jelas kakupingna ku abdi mah Kang ?”
Sahédi
:
“Nya pasti moal pati jelas, da Akangna ogé nelepuna bari teuleum di Jero Sumur.”