SI DUYÉH JADI IMAM

Selasa, 20 September 2011

Si Duyéh geus kawéntar pikeun di lembur kuring mah, kaasup salasahiji budak pamuda anu sok leukeun milampah mabok. Dina hiji waktu, kuring jeung sa batur-batur, manggihan Si Duyéh tatahar arék ngalaksanakeun solat magrib. Kuring kacida reueusna nempo kalakuan Si Duyéh harita kitu téh. Panyangka dicokot anu alusna baé haté téh. ”Meureun insaf ayeuna mah Si Duyéh téh, da katempona geus daék migawé pagawéan anu diwajibkeun ku agama,” cekéng téh. Kusabab Si Duyéh harita geus leuwih ti heula datang ka jero masjid bari geus tatahar arék ngAdégkeun solat. Nya kuring jeung sabatur-batur harita téh milu ngamamum berjamaah ka manéhna. Dina Adégan solat anu kahiji sabada réngsé patihah, Si Duyéh kadéngé maca surat anu rada pondok surat Al-Ikhlas. Sorana antaré rada merenah, betah kadéngéna. Ngan dina Adégan anu kadua, sabada maca surat Al-Fatihah, kadéngéna Si Duyéh ngarandeg eureun heula. Panyangka téh boa aya anu poho. Ku sabab ngarandegna rada lila. Salasaurang anu milu ngamamum harita aya anu hideng ngucapkeun kalimah “ Subhhanalloh…”. Tujuanana geus pasti ngingetan ka imam. Tapi di luar panyangka. Sabada aya anu ngucapkeun subhhanalloh, Si Duyéh anu harita keur mancén jadi imam, ngarérét ka tukang, ka jajaran anu keur ngamamum ka manéhna. Bari ngarérét Si Duyéh nyarita kieu “ Keun baé Kullhu deui…?” cenah ceuk Si Duyéh harita, nanya ka balaréa anu aya di tukangeunana. Atuh ger baé anu keur solat téh saleuseurian. Solat jadi ébat. Tungtungna solat magrib dibalikan deui jeung imamna diganti ku anu leuwih siap. Si Duyéh pindah ka tukang, teu nyanggupan deui jadi imam, sabab manéhna rumasa cenah susuratanana ngan ukur bisa sa kulhu-kulhuna wungkul.

0 komentar:

Posting Komentar