SI DUYÉH JADI IMAM

Selasa, 20 September 2011

Si Duyéh geus kawéntar pikeun di lembur kuring mah, kaasup salasahiji budak pamuda anu sok leukeun milampah mabok. Dina hiji waktu, kuring jeung sa batur-batur, manggihan Si Duyéh tatahar arék ngalaksanakeun solat magrib. Kuring kacida reueusna nempo kalakuan Si Duyéh harita kitu téh. Panyangka dicokot anu alusna baé haté téh. ”Meureun insaf ayeuna mah Si Duyéh téh, da katempona geus daék migawé pagawéan anu diwajibkeun ku agama,” cekéng téh. Kusabab Si Duyéh harita geus leuwih ti heula datang ka jero masjid bari geus tatahar arék ngAdégkeun solat. Nya kuring jeung sabatur-batur harita téh milu ngamamum berjamaah ka manéhna. Dina Adégan solat anu kahiji sabada réngsé patihah, Si Duyéh kadéngé maca surat anu rada pondok surat Al-Ikhlas. Sorana antaré rada merenah, betah kadéngéna. Ngan dina Adégan anu kadua, sabada maca surat Al-Fatihah, kadéngéna Si Duyéh ngarandeg eureun heula. Panyangka téh boa aya anu poho. Ku sabab ngarandegna rada lila. Salasaurang anu milu ngamamum harita aya anu hideng ngucapkeun kalimah “ Subhhanalloh…”. Tujuanana geus pasti ngingetan ka imam. Tapi di luar panyangka. Sabada aya anu ngucapkeun subhhanalloh, Si Duyéh anu harita keur mancén jadi imam, ngarérét ka tukang, ka jajaran anu keur ngamamum ka manéhna. Bari ngarérét Si Duyéh nyarita kieu “ Keun baé Kullhu deui…?” cenah ceuk Si Duyéh harita, nanya ka balaréa anu aya di tukangeunana. Atuh ger baé anu keur solat téh saleuseurian. Solat jadi ébat. Tungtungna solat magrib dibalikan deui jeung imamna diganti ku anu leuwih siap. Si Duyéh pindah ka tukang, teu nyanggupan deui jadi imam, sabab manéhna rumasa cenah susuratanana ngan ukur bisa sa kulhu-kulhuna wungkul.

ASAL USUL ANTING MARADONA

Jumat, 16 September 2011

Argéntina raket patalina jeung ngaran pamaén bola anu disebut Maradona. Maradona téh salasahiji pamaén atawa pelatih lagéndaris anu asalna ti nagara Argéntina. Diantara kaistiméwaan Maradona, nya éta dina ceulina sok tara lésot tina mamaké anting. Sanggeus ditaliti pangna manéhna sok mamaké anting dina ceulina téh, cenah ngahaja geusan ngalaksanakeun paréntah jeung amanat nu jadi kolotna. Tujuanana taya lian supaya lamun Maradona keur maén bal di Afrika, atawa di nagara anu sok loba sasatoanana gampil pikeun ngabédakeunana.Mana Monyét, mana Maradona? Bilih teu percanten? Mangga baé taroskeun ka kulawargana Maradona.

Cara cara Miara waos

Rabu, 14 September 2011

Nurutkeun Dukun di Lembur, cara-cara miara waos anu saé téh dianatawisna :
1. Upami waos tos koropok kedah énggal ditambal, teras upami tos ditambal énggal di kompa.
2. Biasakeun upami waos anu koropok nuju karaos nyeri, énggal landongan atanapi purulukan ku semén bodas .
3. Upami waosna tos katawis ungger, omat urang teu kénging nyobi-nyobi hoyong dicabok ku mitoha.
4. Biasakeun upami badé ngosok waos teu kénging di payuneun maung lodaya anu keur lapar.
5. Waos téh mangrupa bagian anu penting dina baham, kumargi kitu omat waos urang teu kenging dianggo nyobi-nyobi ngégél tihang listrik.
6. Supados waos salamina katawis ngeplak bodas, biasakeun saméméh angkat, waos urang kedah di pulas ku apu.

Peserta Piala Dunia

Minggu, 11 September 2011

Saréréa pasti masih inget ngeunaan Piala Dunia Sépak Bola Akbar dina taun 2010. Anu harita lumangsungna di nagara Afrika. Lamun ku urang leukeun di titénan kalayan taliti ngaran-ngaran nagara pamilon anu milu makalangan harita, horéng téh geuning sabagian pamilon téh asal muasalna mah karéréanana ti daérah Sunda. Geura yu urang tataan : - Brazil, asalna tina Burujul - Nigéria, asalna tina Nagrég - Gana, asalna tina Gunung Nangka - Jepang , asalna tina jampang - Perancis, asalna tina Peranakan Ciamis - Uruguay, asalna tina urug angen
- Italy, asalna tina Ciawi tali,alias air bambu iket. Tuh..hébat pan urang sunda téh nya?

UCAP PANGJAJAP

Seuri téh mangrupa bagian tina kabutuhan hirup manusa. Ku jalan seuri, saeutikna urang bakal mikawanoh ngeunaan sifat-sifat kapribadianana hiji jalma. Lamun di sawang tina kaayaanana, anu disebut seuri téh bakal aya sababaraha rupa. Aya nu disebut seuri maur, seuri leutik, seuri imut, seuri ngahéhéh jeung seuri ngagakgak. Malah bisa jadi aya sarupaning seuri anu can kabahas atawa katulis dina ieu ucap pangjajap.

Anu jelas ku jalan bisa seuri, hartina urang saréréa geus bisa ngadatangkeun hiji kagiatan anu matak bisa nyageurkeun kana awak, atawa anu matak ngajadikeun awak bisa jadi séhat. Enya jeung henteuna duka teh teuing. Nya…urang cobaan baé ku saréréa, yén ti mimiti ayeuna mah urang saréréa, urang ngabudayakeun jeung ngabiasakeun miara seuri. Ngan kahadé seurina ulah seuseurian sorangan, bisi baé matak dipikangéwa jeung teu dipikaresep ku Mitoha.